X MM 1

Selasa, 03 Februari 2015

Legenda Pameungpeuk

Legenda Pameungpeuk

Jaman baheula, waktu Keyan santang mulih ngalalana. Anjeunna kedah ngaislamkeun, nya ahirna ngadegekun hiji nagara nu tempatna di Gunung Nagara. Jajaran seueur rahayatna, nagara eta teh dibagi tilu bagian, nyaeta: Nu kahiji nagara Pakuan nu tempatna di Gunung Nagara, kadua Nagara Dayeuhhandap nu aya di palebahan CIsompet ayeuna, anu katilu Nagara Bones.
Nagara Bones diwariskeun ka putrana nyaeta Ulun Suryadiningrat. Wilayahna nyaeta ti mimiti lembur Bojong, terus kapalih Kidul jalan Darmaga atawa Tambak Baya, Desa Pameungpeuk ayeuna mah. Ka kulonna dugi ka walungan Cikarang Kp. Cieurih ka Cikelet.
Rahayat Nagara Bones kawilang ayem tengtrem, gemah ripah, repeh rapih, loba duit buncir leuit. Sabab nagarana kawilang subur makmur. Patempatan jeung pasawahan estuning hejo lembok, caina cur cor anu salawasna nyaian tatanen garapan rahayat Bones. Ari sumber caina nyaeta hiji walungan anu dingaranan Cimandalakasih, ayeunamah dingaranan Cipabeluh.
Ari nu janten mantra kamakmuran jenenganna Sidorang anu mingpin Leuit Salawe Jajar. Ari pangna disebut Leuit Salawe Jajar nyaeta hiji tarekah eta nagara sangkan rahayatna teu kakurangan ku dahareun dimana dating usum paceklik atawa sarwa walurat. Kukituna sabagian tina kakayaan tina eta nagara anu mangrupa bahan kadaharan poko, nyaeta pare disimpen dina hiji wangunan nu disebut Leuit. Eta teh lobana salawe jajar atawa dua puluh lima jajar., dina tiap jajarna jumlahna teu kurang ti salawe.
Prabu Geusan Ulun kagungan putra tilu ti istrina anu jenenganana Nyi Dewi Lenggang Kencana. Putra nu kahiji Arbawisesa, anu kadua Sangga Buana, anu katilu Bratakusumah. Dina Hiji waktu Prabu Geusan Ulun ngumpulkeun putra-putrana katut para ponggawa. Sanggeus karumpul, pok anjeunna sasauran mangrupa wasiat.
“Engke lamun Ama maot omat ulah dikuburkan di puseur nagara bones, tapi Ama hoyong dipalidkeun make rakit. Tah eta rakit geus eureun, pek jasad Ama kurebkeun. Salian ti eta nagara rek di pasrahkeun ka anak ama nu panggedena”.
Kacaturkeun teu lami anjeunna masihan wasiat teras ngantunkeun alam dunya. Atuh Arbawisesa ngumpulkeun para ponggawa kanggo ngadambel rakit. Geus kitu ubiyag weh maranehna sacabak-cabakna pada giat gotong royong ngadambel rakit kanggo nyumponan kapalay ramana eta.
Text Box: 41Text Box: 42Rakit geus rengse. Ayeuna para putra Geusan Ulun parantos siap ngiringkeun jasad ramana. Para ponggawa tos siap ngiringkeun jasad ramana. Para ponggawa tos siap nyandak pakakas sapuratina. Teu talangke deui jasad Prabu Geusan Ulun teh ditumpangkeun kana rakit disarengan ku kukusan. Satuluyna mah rakit teh dipalidkeun ka gulanjeng walungan Cimandalakasih.
Ari walungan Cimandalakasih teh meulah kota Nagara Bones. Asalna mah ngocorna ka Beulah Kulon anu brasna ka kampong Nangoh. Ayeuna mah palebah Pom Bensin, tur tong aneh mun di pasawahan jeung tanah pertanian daaerah Nangih masih keneh rea emeul.
Ti Nagoh tea terus ngulon ngalewatna Kubang Pabuaran anu brasna mah tepung jeung wahangan Cilauteureun ayeuna kalawan ngamuara di Santolo. Tah rakit nu eusina jasad Prabu Geusan Ulun tea diangkleungkeun ka walungan ku para putrana katut ponggawa karajaan bari mapay-mapay sisi walungan.
Saparantos dugi ka curugan cai laut Sayang Heulang, eta rakit teh ngarandeg padahal teu kahalangan ku nanaon. Atuh Arbawisesa salaku putra nu panggedena nyandak kasimpulan ten Prabu Geusan Ulun teh hoyong dimakamkeun di lebah dinya. Teu talangke anjeunna ngempelkeun para ponggawa kanggo ngadambel kuburan di tonggoheun eta curug, nyaeta di gedengeun masigit Sela. Para Ponggawa langsung ubiyag nyieun kaluat Saparantos rengse, jasad Prabu Geusan Ulun dikurebkeun di dinya. Geus ngurebkeun mah rombongan baralik deui ka nagara bones kanggo nepangan ingkang ibu di puseur dayeuh. Ceuk ujaring carita. Rakit nu dianggo kukus atawa malidkeun jasad tea nyangsang dina hiji karang. Kumargi kitu karang-karang nu aya di Beulah kulon atawa nu dipake malidkeun tea dingaranan Cilauteureun, sabab harita bet eureun rakitna kalawan teu kamamana. Sedengkeun ngaran Cilauteureun oge masih dipake ti mimiti walungan terus ka ka muara, tug nepi ka lautna dingaranan Cilauteureun. Tah di Cilauteureun ieu ngarupikeun tempat panyangcangan kapal sareng balabuhna kapal pamayang.
Ti mimiti dikantun ku Prabu Geusan Ulun, nagara Bones dipimpin ku Arbawisesa kalawan pinuh katengtreman, gemah ripah loh jinawi. Kacarioskeun dina hiji wengi Arbawisesa ngimpen yen makam ramana kakeueum ku cai Cimandalakasih. Ku sabab eta Arbawisesa kagungan maksad kanggo ngalihkeun walungan Cimandalakasih ku cara meungpeuk eta walungan. Nya ti wangkid harita Arbawisesa ngeprakeun wadyabalad supaya nyukcruk walungan. Bring rombongan ngabring mapay-mapay walungan Cimandalakasih terus ka hilir dugi ka palabuhan jalan Cikoneng ayeuna, rombongan terus ngarandeg.
Pok Arbawisesa sasauran.
“Didieu yeuh siganamah nu pantes pikeun mengkolekun ieu walungang sabah tuh lebah Wetna mah arahna hantar. Sok ayeuna geura cokot batu anu baradag, urang peungpeuk ieu walungan teh!”.
Text Box: 43Text Box: 44Teu talangke deui para ponggawa nagara Bones arancrub ka wahangan pikeun neangan batu baradag tea, terus dipake meungpeuk. Atuh oge geus mimiti mengkol ka Wetan. Keur nyampurnakeun maksudna. Arbawisesa nitah ka ponggawana pikeun neangan batu nu pangbadagna. Teu hese neanganana da di walungan tea. Si ponggawa nu manggihanna dititah neundeun eta batu diluhureun batu-batu nu dipake meungpeuk. Ku kadigyaan nu dipimilikna, Arbawisesa mapatkeun jampe pamakena bari neneda ka Pangeran. Batu gede nu nyingclo tea didedetkeun, atuh sela-sela tumpukan batu anu liangan teh jadi kapeungpeuk pisan. Sanggeus kitu Arbawisesa ngaguratkeun iteukna, bari cai ngocorna siga caah dengdeng ngagulidag badag, atuh teu saeutik para ponggawa nu lalabuh bari tikalebuh. Ku sabab kitu eta walungan nu anyar teh disebut Cipalebuh.

Tah ku ayana kajadian eta, wilayah kaum kaler dingaranan Batu Pameungpeuk, jeung nagara Bones oge robah ngaran jadi Pameungpeuk, Sedengkeun cai wahangan nu hasil dipengkolkeun dingaranan Cipalebuh. Ari wahangan nu asalna tepung jeung wahangan Cimandalakasih dingaranan Cilauteureun.

Sumber : Buku Tatar Garut Historiografi - 2007

Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar