X MM 1

Rabu, 22 Januari 2014

Upacara Ngeuyeuk Seureuh

Nah, agan-agan sekalian, sekarang ane mau share tentang "Upacara Ngeuyeuk Seureuh"
ya mungkin untuk agan yg asli orang Sunda pas bakalan ngerti.
Langsung aja yo
Cekidot!

"Assalamu’alaikum, Wr. Wb.
Sampurasun
Bismillahirohmanirrohim. Wassolatu wassolamu, ala asrofil anbiya’i walmursalim wa’ala wasohbihi azmain. Robisyrahli shadrii wayas asirrli amri wahlul uqdatam milisani yaf qahuu qauli. Ama Ba’du
Bissmillah pamuka carita pisangeum sangkan catur aya dina galur. Mitembeyan pamuka carita dina biantara. Allah nu Maha welas tur asih, Allah nu Maha Agung, Allah nu Maha Kawasa, Allah nu Kagungan kersa, anu tos ngersakeun urang sadaya tiasa riung mungpulung, paamprok jonghok, paterema sabda padungdengan tur paguneman manjangkeun duduluran kalih silaturahmi. Aya paripaos “Pancuran cai na empang, aya santen dina jarami, haturan wilujeng tepang, sing janten silaturahmi” Paningaran ngala Peucang, beunangna di Papandayan, haturan wilujeng tepang, sing janten babarayaan.
Patepung dina waktuna, patepang dina mangsana, silaturahmi dina wancina dina raraga ngruyeuk seureuh nu mangrupikeun kabudayaan adat kabiasaan urang sunda titilar para karuhun kisunda nu ka uger ku Panca “S”, Sindir, Silib, Simbol, sasmita jeung siloka, silo mun teu kabuka.
Salam sinareng sholawat mugia netes kajungjunan alam urang sadaya Nabi Muhammad SAW, natrat ka kulawargana, sahabatna, karabatna, tabi’i-tabi’ina tug dugi ka urang sadaya salaku umatna tu tumut tuhu ka anjeuna. Sumangga ngeuyeuk seureuh urang dikawitan.
Para hadirin kalih para tamu sadaya urang patotoskeun heula manawi sapagodos ngeuyeuk seureuh teh mangrupikeun upacara adat urang sunda ciri sabumi cara sadesa, simbul kahirupan anu bade laki labi, dimana engke rumah tangga bakal ngalaman sapertos gambaran dina payuneun urang sadaya, didieu katingal aya sinjang, talenan, eunteung, samak, seureuh jeung sajabana.
Naon atuh ari ngeuyeuk seureuh teh ? Ngeuyeuk seureuh teh nyaeta paheuyeuk-heuyeuk jeung beubeureuh/panutan atawa kabogoh, hartina diajar babarengan ngurus/migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hade. Ngeuyeuk seureuh saenyana mah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna oge batinna
Alat/bahan anu kudu disiapkeun :
1. Hasil tatanen : Seureuh ranggeuyan, mayang jembe, waluh  gede, pare sageugeus, daun hanjuang.
2. Pakean : Pakean sapangadeg, sinjang jeung sarung.
3. Hasil karajinan : Samak sahelai, hihid, lawon bodas, talenan,  nyere 7 siki, kendi, cempor/pelita, tempat  nyimpen seureuh, sisir, wedak, saputangan,  sabun mandi, eunteung, bola/benang  , kanteh, hahampangan, duit  receh, endog  hayam kampung.
4. Seupaheun, bumbu dapur, coet, boboko, cukil, nyiru
Cara ngalaksanakeun ngeuyeuk seureuh :
1) Pangeuyeuk ngeprakeun sapu nyere nu hartina urang giat digawe kudu tanghi ulah cicing wae di imah, jeung sauyunan sabeungkeutan babarengan.
2) Muka lawon bodas dipake panutup alat/bahan ngeuyeuk seureuh ditilepan ku duaan sing rapih jeung bener
3) Anggoan dina baki diangkat, dicandak ku calon panganten, nuhartina ngahijikeun raja kaya, susah jeung bungah babarengan disingharepan, sangkan hidep mampu ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, tur warohmah jeung kudu bisa makean antara salaki atawa pamajikan. Allah ngadawuh “Pamajikan teh pakean pikeun salaki, tur sabalikna salaki teh pakean pikeun pamajikan
4) Calon panganten nyieun tali 7 lembar ku bola kanteh nu panjangna 2 jeungkal, sangeus kitu satuluyna menta widi ka ibu rama na. “Ibu, bapa abdi seja neda widi oge du’a seja ngawangun rumah tangga, mugi abdi aya dina ginulur Gusti nu Maha Suci oge aya dina kajembaran tur kawaluyaan.
5) Duanana calon panganten masing-masing nyepeng seureuh, 2 lambar anu diadukeun beuteung seureuhna dibeungkeut ku kanteh : Daun seureuh diadukeun beuteungna ngalambangkeun ngahijina/Nikah antara hidep duaan, asalna wanoh jadi bogoh tug nepi kabale nyungcung, ikrar hirup babarengan nu simbolna dibeungkeut ku kanteh. Teras mun seureuh nganggo gambir, apu, kapol, daun saga jeung nu lianna tah eta teh disebut tektek, ari rasana tektek teh aya peuheur, amis, haneut, pait, ngalambangkeun dina hirup rumah tangga bakal nyorang nu sifatna nu disebut tektek tea, kukituna omat kudu silih eledan, silih kanyahokeun, nimbang-nimbang hiji pasualan kudu dibeuweung diutahkeun.
6) Meulah mayang jambe eta teh ngalambangkeun yen istri teh masih asli/parawan/ gadis can katoel-toel acan.
7) Calon panganten istri sareng calon panganten pameget calik papayun-payun nyepeng jubleg sareng halu, sedengkeun halu na dicepeng ku calon panganten pameget, jubleg na dicepeng ku calon panganten istri, hartina antara caroge jeung bojo kudu silih anteur kahayang, namung sateuacan dilaksanakeun maos heula istighfar, syahadat sareng sholawat. 
8) Saterasna urang meulah duweugan hejo nu rumeho jeung leueur eta teh ngalambangkeun hiji cai nu aya dina awak panganten istri.
9) Salajengna diteraskeun kana ngodok artos receh anu tos disiapkeun dina handapeun samak sahelai. Duanana milari rizki sasarengan pikeun minuhan kabutuhan rumah tangga.
Panutup
Para wargi sadaya ti sim kuring salaku pangatur waktu, panata calagara dina ngeuyeuk seureuh bilih aya saur nu teu kaukur, aya basa nu teu kareka, nyentugna kalbu nyeletitna ati mugia agung nya tawakup.
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan cag urang tendeun dina handeleum sieum urang tunda dihanjuang siang paragi nyokot ninggalkeun.
Sumangga urang ngaoskeun HAMDALLAH. Wabillahi taufik wal hidayah wassalam. "

Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar