X MM 1

Minggu, 01 Februari 2015

Legenda Gunung Guntur (Basa Sunda)

Gunung Guntur

Ari asalna eta gunung, disebutna lain Gunung Guntur atawa Gunung Agung, tapi Gunung Kutu ngaranna. Waktu Sunan Ranggalawe, tepi Gunung Kutu ngaranna. Waktu Sunan Ranggalawe, jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan saderek istri hiji, jenenganana Maharaja Inten Dewata; eta teh rakana Sunan Ranggalawe anu saibu sarama.
Ari eta Maharaja Inten Dewata, henteu kersa calik di nagara, kersana midusin bae, ngan aya saurang anu ngiring ka Maharaja Inten Dewata, pangasuhna lalaki enggeus kolot kacida, ngaranna Batara Rambut Putih. Kacarios Sunan Ranggalawe, keur dideuheusan ku para mantra, ponggawa jeung para abdi-abdi kabeh papatih unjukan.
“Jisim abdi mendak pisitueun teu kinten pisan saena, ku emutan, upami geus didamelan situ teh, tegalan sadayana tangtos seep dianggo sawah. Ari nu kagungan eta pisitueun, Raka Gusti, Maharaja Inten Dewata.”
Sunan Ranggalawe ngadawuh
“Gampang, lamun kitu mah.”
Lajeng miwarang hiji mantra, dawuhannana
“Maneh, ayeuna kudu leumpang ngadeuheusan ka Aceuk, dipiwarang ku aing, nyuhunkeun eta pisitueun bade ditambak, dijieun situ, sabab rea pihasileunana. Los, maneh geura leumpang.”
Kacaturkeun eta mantra ka bumi Maharaja Inten Dewata, cong nyembah, bari gek diuk. Mariksa Maharaja Inten Dewata ka eta mantra
“Dipiwarang naon ku Gusti maneh”.
Mantri unjukan
“Abdi dipiwarang ku rai gamparan manawi terang manah, eta pisitueun disuhunkeun bade didambel situ.”
Wangsulna Maharaja Inten Dewata.
“Unjukeun ka gusti maneh, eta pisituen hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah ditanah Korobokan teh, ngan di dieu pisan. Lamun eta dijieun situ, tangtu kakeum lembur aing. Los, mantra geura balik.”
Ti dinya mantra tuluy wangsul
Barang dating ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Dewata; dawuhan Sunan Ranggalawe.
“Kajeun ari teu dilelerkeun mah.”
Heubeul ti heubeul, rea abdi-abdi nu laleutik arunjukan ku maneh, haying didamel situ, supaya abdi-abdi baroga sawah kabeh.
Kacarios Sunan Ranggalawe, dua tilu kali miwarangan neda eta pisitueun, henteu bae dilelerkeun ku rakana, henteu tiasa maksa Sunan Ranggalawe, tina sabab isin ku raka. Aya sahiji mantra nu pangkolotna, unjukan ka Sunan Ranggalawe.
“Abdi mah heran ku Gusti, henteu nyaah ka abdi, abdi anu laksa rebu, bet ajrih ku raka istri, ari pamiraos jisim abdi, Gusti teh jeneng Ratu ti TImbanganten, teu aya nu leuwih ageing ti Gamparan, sanajan raka oge kaereh kajiwa bumi ku Gamparan. Naha Gamparan beunang dihalang-halang, lamun kitu mah di Timbanganten teh aya ratu 2, hiji istri hiji pameget.”
Sunan Ranggalawe sanggeus ngadangu piunjukna mantra, langkung-langkung benduna, ngaraos yen eta sapihatur mantra, lajeng ngadawuh.
“Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabeh, pada marawa caul reujeung parabot nu rek nyitu poe ayeuna, urang tambak.”
Abdi-abdi, sanggeus meunang timbalan, sumawonna anu ngadenge, nu teu ngadenge oge nyueung nu marawa pacul jeung pangali, jelema rewu laksa budal ti lemburna, jeung nuturkeun ka baturna nu loba. Kacarios Sunan Ranggalawe angkat kuanjeun, barang sumping ka pisitueun, tuluy nimbalan, saurna.
“Geura prak geura pigawe.”
Gancaning carita, eta situ anggeus ditambakna. Malah-malah caina enggeus leber ka lembur, Maharaja Inten Dewata kaliwat ngenes manahna, kusabab raina nganggo sawenang-wenang. Maharaja Inten Dewata asup ka bumi, nyandak kekemben hiji. Lajeng angkat ngajugjug ka sahiji gunung leutik, anu deukeut ka Gunung Kutu katelah ayeuna gunung putri, sabab dianggo eureun ku Putri Maharaja Inten Dewata.
Sanggeus aso lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih
“Ayeuna, aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh sakeupeul, aing deuk naek ka Gunung Kutu.”
Matur Batara Rambut Putih.
“Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu ?”
Nyaur deui Maharaja Inten Dewata.
“Tau dek naon-naon, aing mah ngan haying nyaho bae ti eta luhur Gunung.”
Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang sarta dieusian cai jeung taneuh sakeupeul. Lajeng Maharaja Inten Dewata naeh ka Gunung Kutu. Sasumpingna ka Puncak eta gunung, tuluy taneuh sakeupeul diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang tea dibahekeun. Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Dewata lungsur ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Pada harita keneh poek mongkleng buta rata di Tanah Timbanganten.
Henteu lila jumegar dina Pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah, loba jelema nu paraeh, sato hewan pararaeh, imah kahuru; liwat saking ruksakna nagara Karobokan, kalabur sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku batu. Gunung Kutu beuki gede seuneuna, beuki loba batuna nu kaluar, malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah Kabeh.
Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan sarusaheunana, tina manggih bahla sakitu gedena, dina jero opat puluh poe, opat puluh peuting, henteu ngingetkeun kana salamet, ingetanana anu araya, saperti kiamat bae, tina ninggal sakitu poharana loba pisan karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang urug, kalaburna masing-masing nu ngetan, ngulon, ngaler, ngidul, geus teu ngurus raja bandana, saperti nu kabu ka Bandung, ka Cianjur, ka Karawang jeung sejen nagara; eta rea pisan nu teu baralik deui ka nagara Korobokan. Tuluy bae ngumbara, nepi ka turun tumurun ka anak incuna; ari nagara timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara pusaka bae, turunan tikaruhunna.
Sunan Ranggalawe enggeus ngaraos salirana balai sakitu gedema, tangtu ti rakana, ti Maharaja Inten Dewata datangna. Enggal kaluar Sunan Ranggalawe ti nagara Korobokan, dek neangan rakana Maharaja Inten Dewata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja Inten Dewata ngadeg dina batu. Sunan Ranggalawe gagancangan moro ka rakana. Sanggeus patepang, Sunan Ranggalawe ngarangkul kana sampeanana, tobat sarta nangis, neda dihampura sagala kalepanana. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Dewata. Tanda geus dihampura, seuneu anu hurung pareum, sora anu pating beledug repeh, batu anu cara hujan datangna tina luhur gunnung leungit kabeh. Sanggeus kitu, Sunan Ranggalawe matur ka rakana.
“Sumangga, Aceuk, ayeuna urang mulih ka Nagara.”
Maharaja Inten Dewata nyaur.
“Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk nurutkeun kahayang ati bae, jeung baring supagi ieu gunung jadi deui cara kieu petana, nyebut bae ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet, mo aya kitu kieu masih jadi oge.”
Maharaja Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran Musna tipayuneun Sunan Ranggalawe; henteu kacarios ka mana angkatna atawa dimana calikna.
Sanggeus Mharaja Inten Dewata musna, Sunan Ranggalawe mulih ka nagara Korobokan. Tapi Sunan Ranggalawe, sasumpingna ka Nagara, henteu weleh nyandang sesah, tina sabab abdi-abdina ampir seep sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur kabeh, parindah ka sejen nagara, ka sejen tempat. Jadi di nagara Korobokan roncong teu aya jelema, sumawosna sasatoan, kuda, munding, embe, domba, atawa hayam, seep paraeh katinggang ku urug. Ti wates eta, gunung kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut gunung agung, sawaerh deui anu nyebut Gunung Guntur.


Ari gunung leutik, Urut Sunan Ranggalawe tobat ka rakana, katelah nepi ka ayeuna ngaranna Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan Ranggalawe, katelah ngaranna Situ Taman, di Timbanganten.

Salebeting carita, jalma nu paeh mangsa harita, katinggang ku batu, kakubur taneuh jeung keusik, jeung katinggang seuneu, reana aya sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari Nagara Korobokan jeung kampong-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu katelah ayeuna Tegal Urug. Ari Nagara Timbanganten nyaeta dialihkeun ka Tarogong; eta nagara pusaka ti jaman baheula.


Sumber : Buku Tatar Garut Historiografi - 2007

Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar