X MM 1

Kamis, 29 Mei 2014

Contoh Pidato Basa Sunda


NGARONJATKEUN PRESTASI MURANGKALIH

Nu dipihormat bapa kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Garut
Nu dipihormat bapa kepala Dinas Pendidikan Kecamatan Garut
Nu dipihormat bapa kepala sekolah SD . . . . . . . .
Bapa-bapa, kalih ibu-ibu guru oge para hadirin nu sami linggih
Di ieu tempat.
Sampurasun
Assalamu’alaikum Wr.wb
                Langkung tipayun sumangga urang sasarengan manjatkeun Fuji Syukur ka Alloh nu murbeng sadaya alam, Alloh nu Maha Welas tur Asih, nu tos maparin mangpirang-pirang kani’matan nu teu aya wates wangena. Ni’mat Iman, ni’mat Islam oge kasehatan lahir jeung batin. Oge teu hilap mugia salam sinareng sholawat muga netes ka jungjunan urang sadaya kangjeng Nabiyulloh Muhammad SAW, ka kulawargana, karabatna, sahabatna, tabi’i-tabi’ina tug dugi kaurang sadaya nu tumut kana ajaran mantena.
                Bapa-bapa, Ibu-ibu kalih hadirin nu sami linggih, nu ku sim kuring dipihormat urang tos pada uninga rehna dunya pendidikan teh kacida peryogina tur penting pisan margi pendidikan wajib hukumna boh pendidikan agama nyakitu deui pendidikan darigama. Mangga mung dititenan ku urang, saupami dina hiji sakola atanapi dikalawarga kirang dina ngadidik murangkalihna tiasa ditingal ahlak oge budi pekertina ieu murangkalih, boh dina kahirupan lingkungan, boh disakolana tangtos katingal bentenna, kukituna sangkat ngaronjatna prestasi siswa aya sababaraha hal nu ku urang kedah diperhatoskeun diantawisna :
1.       Pendidikan dikulawarga nya eta agama, margi murang kalih teu di didik agamana tangtos bakal nyasar.
2.       Pendidikan disakola/Tolabul ilmi, mun siswa gaduh pendidikan nu cukup disakolana tinangtos moal kalantar.
3.       Pendidikan Seni, mun jalmi paparin kaendahan ku Alloh kumaha akibatna, kukituna pendidikan seni penting, lantaran hirup tanpa seni kasar. Mangga tingal ku urang sadidinten, jalmi nganggo raksukan mani pantes tur kewes.
Bapa-bapa kalih ibu-ibu oge hadirin nu sami hadir
                Janten tilu hal nu disebatkeun tadi ku sim kuring insya alloh Prestasi para siswa bakal ngaronjat. Oge nu langkung penting nyaeta kedah janten perhatosan kanggo guru-guru oge kulawarga urang kana komunikasi antawis guru sareng kulawarga siswa kedal nalingakeun tindak jeung tanduk siswa anatapi putra urang.
Sakitu nu kapihatur mugia agung cukup lumur jembar pangampura, bobo sapanon carang sapakan, tutus langkung kepang halang. Cag.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb

Comments
0 Comments

0 komentar:

Posting Komentar