Situ Bagendit
Di wewengkon Garut aya
situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala
mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa
beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati
mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk
deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup
ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun
manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku
bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum
panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong.
Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti,
Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna
saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu
mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka
ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus
bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna
balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu
ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya
sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun,
pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka
nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari
jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé
boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh
kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék
baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero,
“Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui
ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh
kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan
ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit.
Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.