X MM 1
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Basa Sunda. Tampilkan semua postingan

Selasa, 03 Maret 2015

Lagu Kaulinan Barudak Sunda

1. Ucang ucang angge
mulung muncang ka parangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu Pa Lebe
ari gog gog cungungung

2. Trang trang kolentrang
si londok paeh nundutan
mesat gobang kabuyutan
tikusruk kana durukan

3. Tongtolang nangka
kawinan bapa
poe salasa
teu beja-beja
aduh aduh si bapa
teungteuingeun ka ema
bapa mah suka suka
jeuh nu ngora

4. Yu batur urang ulin ka Cibadak
ah embung sieuna badak nu kamari
geus euweuh geus dibedil ku si Jendil
Ndil ndilong si Jending dirawu kelong

5. Perepet jengkol jajahean
kadempet konxxx jejeretean

6. Pa Deong Pa Deong
pangmukakeun lawang angin

7. Cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
bapa Satar buleneng

8. Tokecang tokecang
malik pendil tosblong
angeun kacang angeun kacang
sapariuk kosong

9. Aya hiji kurung
pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan
Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana

10. Colenak beuleum peuyeum digulaan
awas bom batok (2x)
rebu rebu rada nyentok (2x)
leumpangna dicentok centok (2x)
sieun nincak tai kotok

11. Blung blong
tampelet tampa gelom
lalamis bulu maung
cerentel cantel
pakuong doblus

12. Tat tit tut
daun kanyere (kaliki)
saha nu hitut budak awewe (lalaki)
dibawa kasaung butut
balikna ngaburusut

13. Abdi teh ayeuna
gaduh hiji boneka
teu kinten saena
sareng lucuna
Ku abdi dierokan
erokna sae pisan
sumangga tingali
boneka abdi

Kaulinan 1. Ambila-ambilan
Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
saha nu di ambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngejo
purah ngasakan baligo
purah tunggu bale gede
nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
aya ubarna urat gunting sampurage
tiguling nyocolan dage.

2.Cingciripit
Cingciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang jrek-jrek nong…..

3.Lalandakan
Landak landak sonari
kop cau kop tiwu
hakaneun sia janari
bekel miang ka batawi
kop jurig jarian
kop jurig tangkod
kop jurig pacilingan
kop jurig onom……

4.Oray-orayan
Oray orayan
luar leor mapay sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur leor mapay leuwi
tang ka leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut naon, laut dipa, dipa naon,…dipandeuriiiii…

Kakawihan Barudak

1. Ayang-ayanggung
Ayang-ayanggung
gung goongna rame
menak ki Wastanu
nu jadi wadana
naha maneh kitu
tukang olo-olo
loba anu giruk
ruket jeung kompeni
niat jadi pangkat
katon kagorengan
ngantos kanjeng dalem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong
jalan ka batawi ngemplong

2.Margaluyu
Bang-bang kalima lima gobang, bang
bangkong di tengah sawah, wah
wahai tukang bajigur, gur
guru sakola desa, sa
saban poe ngajar, jar
jarum paranti ngaput, put
putri nu gareulis, lis
lisung kadua halu, lu
luhur kapal udara, ra
ragrag di Jakarta, ta
taun opat hiji, ji
haji rek ka mekah, kah
kahar tujuh rebu, bu
buah meunang ngala, la
lauk meunang nyobek, bek
beker meunang muter, ter
terus ke Citapen, pen
pena gagang kalam, lam
lampu eujeung damar, mar
mari kueh hoho, ho
hotel pamandangan, ngan
ngantos kangjeng dalem, lem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong

3.Ole-ole Ogong
Ole-ole ogong
melak cabe di tarogong
dihakan ku mebe ompong
diteang kari sapotong

au au aheng
beuleum cau tutung geheng
embe embe domba
anak sapi tutunggulan

ema ema weya
si sahi kabuhulan
hayang geura diinuman
embe embe domba
anak sapi tuntunggulan
ema ema weya
si sahi pupundukan
ku baturna ditumbukan

4.Rat-rat Gurisat
Rat rat gurisat
nini engrat paeh tiselap
tiselap kana kuciat
dibura ku laja tuhur
laja tuhur meunang ngunun
meunang ngunun tujuh taun
kadalapan diburakeun
nyeh prot…nyeh prot…nyehhhh prrroootttttt.

Senin, 09 Februari 2015

Sakadang Kuya menta tulung ka Keuyeup

Sakadang Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngadédod, karepna rék balik ka pamatuhanana di sisi walungan.

Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup.

“Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu?” Sakadang Keuyeup nanya.

“Nyaéta, uing téh keur meunang kasusah,” ceuk Sakadang Kuya.

“Kasusah naon?”

Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyét.

“Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyét mah,” ceuk Sakadang Keuyeup, “Jigana mah kudu diwarah.”

“Enya, ngan kumaha carana?”

“Keun éta mah bagéan uing. Ayeuna mah anteur baé uing ka tempat Sakadang Monyét!”

“Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.”

“Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rék méré naon Sakadang Kuya ka uing?”

“Naon atuh, nya?”

“Kieu wé atuh, nya, uing téh geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding baé?” ceuk Sakadang Keuyeup.

“Jadi lah, ari munding mah uing gé boga sarakit. Pék nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui.”

“Heug ari kitu mah, kuring daék nulungan Sakadang Kuya.”

Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyét. Kasampak Sakadang Monyét keur nyuling dina dahan kai pangluhurna.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling téh!” ceuk Sakadang Kuya.

 

“Ceuk uing ogé bawa ku sorangan ka dieu! Naék mun bisa mah!” témbal Sakadang Monyét bari ngarenyohan.

“Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah!” ceuk Sakadang Kuya.

Ngadéngé omong Sakadang Kuya kitu téh, Sakadang Monyét kalah nyeungseurikeun.

Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét paréa-réa omong, Sakadang Keuyeup naék kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyét. Beuki deukeut, beuki deukeut baé. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyét anu nyampay dina dahan.

“Rék dibikeun moal?” ceuk Sakadang Kuya.

Text Box: 19Text Box: 20“Moal!” témbal Sakadang Monyét.

Bérés ngomong, ana gep téh buntut Sakadang Monyét dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyét kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih.

“Oaduh, oaduuuh, oahahaha,” Sakadang Monyét gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna téa ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyét mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah éraeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup téa. Malah mah cenah turunanana ogé areuweuh buntutan. Disebut baé “oa”, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, “Oahahaha, oahahaha.” Nepi ka lila-lila mah sorana ogé kitu deuih.

Legenda Situ Bagendit

Situ Bagendit

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu:
Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu larsup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sidekah. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap kénéh.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki téh waléh yén teu kawawa lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyék-sék-nyéksékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Text Box: 17
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna,  ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

Dampak Handphone keur Rumaja

Pendahuluan      
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
            Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae henpon, di lingkungan barudak sakola eta geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
            Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana
Pembahasan
            Akibat Positif sarta Négatif HP Pikeun Pelajar, geus loba urang tempo barudak umur sakola komo sakola dasar sarta TK  jeung loba anu geus ngagunakeun pakakas téknologi/gadget kawas HP komo Tablet!! Komo aya kolot anu kalawan reueusnempokeun sarta "ngaploklamirkeun" yén anakna geus ngagunakeun sarta boga HP generasi panganyarna kaditu kadieu .Sabenerna naon wae mangpaat HP keur  barudak diumur kawas ieu? Naha geus aya panalungtikan ngeunaan hal ieu? Wallahu a'lam, kuring ogé henteu weruh, tapi sahenteuna sawatara catetan katut bisa jadi acuan pikeun urang némbalan naha bener HP mikeun mangpaat anu badag pikeun barudak urang atawa komo sabalikna.
b.Beuki murah dina komunikasi
c.Gampang dina komunikasi dina jarak jauh
d.Beuki maju dina bisnis ponsel
e.Beuki maju dina bisnis anu nyambungkeun kalawan téknologi ponsel kawas kuis
f.Gampang dina  komunikasi. Contona waé sabot kolot atawa pihak kulawarga baris mapag anak sabot balik sakola ngalakonan kagiatan diluar imah.
g.Nambahan kanyaho ngeunaan perkembangan téknologi. Alatan kumaha ogé téknologi ieu poé ieu geus merambah nepi kakepelososk-pelosok désa.
Akibat Négatif:
Ngaréwong Perkembangan Anak. Kalawan canggihnya fitur-fitur anu sadia di hand phone (HP) kawas: kaméra, kaulinan (games) baris ngaréwong siswa dina narima palajaran di sakola. Henteu arang maranéhanana disibukkan kalawan narima panggero, sms, miscall ti réncang maranéhanana komo ti kulawarga maranéhanana sorangan. Leuwih parahna mah deui aya anu ngagunakeun HP pikeun niron dina ulangan/ujian. Nyo’o HP waktu guru ngécéskeun palajaran sarta sajabana. Lamun hal kasebut diingkeun, mangka generasi anu urang harepkeun baris jadi budak téknologi.
Éfék radiasi. Sajaba sagala rupa kontroversi di saputer akibat négatif pamakéanana,. pamakéan HP ogé berakibat goréng ka kaséhatan, aya alusna siswa leuwih berhati-hati sarta wijaksana dina ngagunakeun atawa milih HP, hususna pikeun pelajar barudak. Lamun memang henteu diperlukeun teuing, leuwih hadé barudak ulah tiheula dibéré kasempetan ngagunakeun HP sacara permanen.
            Werit ka lampah kejahatan. Inget, pelajar mangrupa salah sahiji udagan utama ti dina penjahat. Sumawona HP mangrupa pakakas anu gampang dijual, ku kituna, barudak anu menenteng HP bisa-bisa dituturkeun maling anu ngincar HP na.
            Pohara berpotensi mangaruhan dangong sarta laku-lampah siswa. Lamun euweuh kontrol ti guru sarta kolot. HP bisa dipaké pikeun nyebarkeun gambar-gambar anu ngandung unsur pornografi.
Pemborosan. Kalawan miboga HP, mangka pengeluaran urang baris nambahan, sumawona lamun HP ngan dipaké pikeun hal-hal anu henteu méré mangpaat mangka ngan baris jadi pemborosan anu waé.
Nyiptakeun lingkungan pergaulan sosial anu henteu cageur. Aya kulawarga anu henteu sanggup, tapi alatan pergaulan di mana babaturanana geus dibelikan HP ku kituna maranéhanana merengek-rengek ka kolotna padahal kolotna henteu sanggup, atawa komo ngabalukarkeun antara nu gaduh HP keren sarta gank HP jadul atawa anu tacan ngabogaan.
            Nyieun sipat hedonism (Hedonisme nyaéta tetempoan hirup anu nganggap yén jelema baris jadi bagja kalawan néangan kabagjaan saloba meureun sarta sabisa meureun menghindari rarasaan-rarasaan anu nyelekit ). dina anak. Sabot kaluar gadget panganyarna anu leuwih canggih, maranéhanana ogé merengek-rengek ménta ka kolot, padahal maranéhanana sabenerna tacan nyurtian bener mangpaat saban fitur-fitur anyar sacara menyeluruh.
            Anak urang baris hésé diawasi, hususna sabot mangsa-mangsa begér, diwaktu geus mecenghul rasa ketertarikan kalawan réncang pameget/istri, mangka HP jadi sarana ampuh pikeun maranéhanana komunikasi, tapi komunikasi anu henteu alus, hal ieu baris ngaréwong aktifitas anu sakuduna maranéhanana pigawé, solat, dahar, diajar komo saré. Alatan maranéhanana uplek sms-smsan kalawan réncang lawan jenisna.
            Tah, anu pamungkas ieu rasana tiheula aya panalungtikan anu kungsi kuring maca, éfék sampingan ramo anu lolobana memencet tombol sabot sms-an, lainna tungtung ramo ngabogaan jutaan syaraf? sumawona diwaktu barudak dina umur pertumbuhan, tangtu urang henteu hayang pertumbuhannya kaganggu gara-gara fungsi syaraf anu kahalangan pertumbuhannya alatan keseringan dipencet? Wallahu a'lam.
            Lantaran éta, hayu urang pikirkeun sababaraha-kali sabot baris mikeun HP ka anak urang, timbang tiheula mangpaat sarta mudharatnya Wawarkeun ka maranéhanana sarta béré nasehat kalawan boh naha maranéhanana tacan urang béré kasempetan pikeun mawa HP kasakola boh ulin kalawan babaturanana.Muga méré mangpaat pikeun anu macana.
Mangpaat Handphone
A. Pikeun Produsén HP
            Handphone atawa anu leuwih dipikawanoh kalawan HP geus dipikawanoh ku sagala rupa golongan. Mimiti ti anak leutik nepi ka lansia, hal ieu muka kasempetan pikeun para pecinta HP utamana para prodosen HP pikeun nyiptakeun HP kalawan sagala rupa macem mérek ku kituna bisa meunangkeun hasil anu teu terhingga.
            Hiji panalungtikan anu diayakeun ku Nikkei BP Consulting Inc lumangsungna upgrading ponsel saban 22,6 bulan pisan. Dina panalungtikan pamungkas, Nikkei manggihan yén rata-rata pamaké ngaganti ponsel maranéhanana kalawan modél anu leuwih kakara sanggeus 22,6 bulan. Ieu hartosna pasar handphone ngahontal peunteun anu sarua saban 22,6 bulan pikeun langganan anu geus ngabogaan handphone).
            Tapi peunteun ieu tacan kaasup jumlah pembelian handphone anu dipigawé ku nu boga anyar anu pertumbuhannya ogé cukup mencengangkan. Dumasar hasil survey anu dipigawé ku Gfk Asia Pte Ltd dina warsih 2001, komo pertumbuhan nu boga handphone ngahontal 100% saban bulanana.
            Hal ieu, nyieun para produsén HP pikeun mikir sacara inten ambéh bisa meunangkeun kauntungan anu pohara loba. Nginget beuki ngembang manéhna fitur-fitur ponsel, tingkat kahayang masarakat pikeun ngabogaan telepon seluler anu anyar ogé beuki luhur.
            Mangka ngan Handphone anu mikeun beraneka kaleuwihan anu sanggup menggoda konsumén pikeun meuli produck ti produsén nu tangtu anu maranéhanana peunteun sanggup minuhan sagala kemauannya.
Hal ieu anu ngabalukarkeun kanaékan daya saing anu cageur antara produsén HP dina minuhan kahayang konsuménna ku kituna teu aya wayah pikeun bersantai ria pikeun maranéhanana lamun hayang meunangkeun hasil anu nyugemakeun.
Ku kituna para produsén HP baris beuki dewasa dina maca pasar ambéh sagala macem jenis HP anu ditawarkeun dina konsumén bisa laku teuas dipasaran.

B. Mangpaat Pikeun Konsumén
Henteu ngan produsén anu narima mangpaat ti ayana Handphone. Urang minangka konsumenpun bisa ngarasakeun mangpaatna. Mangpaat anu urang bisa ngawengku sagala rupa aspék kahirupan. Aya ogé mangpaat anu urang tarima nyaéta minangka katut:
1. Sagi Komunikasi
Lamun jaman baheula manusa dawam berkomunikasi liwat batin atawa kaleuwihan anu dikarunia ku Alloh ka jelema anu dikehendaki. Seiring kalawan ngembang manéhna kanyaho manusa milih berkomunikasi liwat tulisan anu dikirimkeun liwat pos sarta di era milinium ieu, manusa ogé milih berkomunikasi liwat Handphone alatan cara ieu dipeunteun leuwih praktis batan pakakas-pakakas komunikasi anu aya saméméhna.
Kalawan ayana Handphone komunikasi beuki lancar. Urang bisa pas berkomunikasi tanpa kudu memperhitungkan jarak sarta tempat urang ancik. Urang bisa berkomunikasi tanpa terikat tempat alatan lamun urang berkomunikasi liwat HP urang leuwih praktis sarta efisien boh ti sagi pamakéan boh ogé ti sagi cara urang mawa pakakas komunikasi kasebut.
2. Sagi Sosial
Urang bisa nambah réncang liwat Handphone kalawan gancang sarta gampang. Urang bisa babagi béja kalawan réncang sarta baraya urang anu aya di jero negri atawa di luar negri tanpa kudu nungguan wayah lila teuing.
Kalawan ayana HP, Urang henteu perlu lila-lila ngirimkeun, lamun aya anu gancang buat naon urang milih cara anu lila pikeun babagi.
Kalawan ayana HP, urang henteu perlu ngagunakeun jasa pos anu dipeunteun pohara lamban ngirimkeun béja batan HP.
3. Sagi Pendidikan (Atikan)
Pikeun urang anu pareng aya dina rohang wengkuan atikan, urang teu perlu lieur pikeun nambahan élmu kanyaho.
Kalawan HP, urang bisa nambahan élmu kanyaho kalawan gampang tanpa kudu nepungan guru pembimbing.
Carana pohara gampang, urang tekan tombol-tombol nu tangtu anu aya di HP Urang mangka kalawan gampang HP kasebut baris menghubungi nomer anu dituju.
Urang bisa nyarita kalawan dosen atawa guru ngeunaan masalah atikan. Masalah pulitik. Masalah kulawarga atawa ogé sagala rupa masalah anu urang hayang.
Teu ngan éta, urang bisa mengakses sagala rupa élmu kanyaho liwat fitur GPRS anu aya di HP. Urang bisa bertukar gambar kalawan réncang urang ngaliwatan fitur MMS sarta urang ogé bisa silih bertukar lagu kalawan réncang ngaliwatan fitur Bluetooth kalawan catetan HP anu urang boga nyadiakeun fitur kasebut.