Legenda
Pameungpeuk
Jaman
baheula, waktu Keyan santang mulih ngalalana. Anjeunna kedah ngaislamkeun, nya
ahirna ngadegekun hiji nagara nu tempatna di Gunung Nagara. Jajaran seueur
rahayatna, nagara eta teh dibagi tilu bagian, nyaeta: Nu kahiji nagara Pakuan
nu tempatna di Gunung Nagara, kadua Nagara Dayeuhhandap nu aya di palebahan
CIsompet ayeuna, anu katilu Nagara Bones.
Nagara
Bones diwariskeun ka putrana nyaeta Ulun Suryadiningrat. Wilayahna nyaeta ti
mimiti lembur Bojong, terus kapalih Kidul jalan Darmaga atawa Tambak Baya, Desa
Pameungpeuk ayeuna mah. Ka kulonna dugi ka walungan Cikarang Kp. Cieurih ka
Cikelet.
Rahayat
Nagara Bones kawilang ayem tengtrem, gemah ripah, repeh rapih, loba duit buncir
leuit. Sabab nagarana kawilang subur makmur. Patempatan jeung pasawahan
estuning hejo lembok, caina cur cor anu salawasna nyaian tatanen garapan
rahayat Bones. Ari sumber caina nyaeta hiji walungan anu dingaranan Cimandalakasih,
ayeunamah dingaranan Cipabeluh.
Ari
nu janten mantra kamakmuran jenenganna Sidorang anu mingpin Leuit Salawe Jajar. Ari pangna disebut
Leuit Salawe Jajar nyaeta hiji tarekah eta nagara sangkan rahayatna teu
kakurangan ku dahareun dimana dating usum paceklik atawa sarwa walurat.
Kukituna sabagian tina kakayaan tina eta nagara anu mangrupa bahan kadaharan
poko, nyaeta pare disimpen dina hiji wangunan nu disebut Leuit. Eta teh lobana
salawe jajar atawa dua puluh lima jajar., dina tiap jajarna jumlahna teu kurang
ti salawe.
Prabu
Geusan Ulun kagungan putra tilu ti istrina anu jenenganana Nyi Dewi Lenggang
Kencana. Putra nu kahiji Arbawisesa, anu kadua Sangga Buana, anu katilu
Bratakusumah. Dina Hiji waktu Prabu Geusan Ulun ngumpulkeun putra-putrana katut
para ponggawa. Sanggeus karumpul, pok anjeunna sasauran mangrupa wasiat.
“Engke
lamun Ama maot omat ulah dikuburkan di puseur nagara bones, tapi Ama hoyong
dipalidkeun make rakit. Tah eta rakit geus eureun, pek jasad Ama kurebkeun.
Salian ti eta nagara rek di pasrahkeun ka anak ama nu panggedena”.
Kacaturkeun
teu lami anjeunna masihan wasiat teras ngantunkeun alam dunya. Atuh Arbawisesa
ngumpulkeun para ponggawa kanggo ngadambel rakit. Geus kitu ubiyag weh
maranehna sacabak-cabakna pada giat gotong royong ngadambel rakit kanggo
nyumponan kapalay ramana eta.


Ari
walungan Cimandalakasih teh meulah kota Nagara Bones. Asalna mah ngocorna ka
Beulah Kulon anu brasna ka kampong Nangoh. Ayeuna mah palebah Pom Bensin, tur
tong aneh mun di pasawahan jeung tanah pertanian daaerah Nangih masih keneh rea
emeul.
Ti
Nagoh tea terus ngulon ngalewatna Kubang Pabuaran anu brasna mah tepung jeung
wahangan Cilauteureun ayeuna kalawan ngamuara di Santolo. Tah rakit nu eusina
jasad Prabu Geusan Ulun tea diangkleungkeun ka walungan ku para putrana katut
ponggawa karajaan bari mapay-mapay sisi walungan.
Saparantos
dugi ka curugan cai laut Sayang Heulang, eta rakit teh ngarandeg padahal teu
kahalangan ku nanaon. Atuh Arbawisesa salaku putra nu panggedena nyandak
kasimpulan ten Prabu Geusan Ulun teh hoyong dimakamkeun di lebah dinya. Teu
talangke anjeunna ngempelkeun para ponggawa kanggo ngadambel kuburan di
tonggoheun eta curug, nyaeta di gedengeun masigit Sela. Para Ponggawa langsung
ubiyag nyieun kaluat Saparantos rengse, jasad Prabu Geusan Ulun dikurebkeun di
dinya. Geus ngurebkeun mah rombongan baralik deui ka nagara bones kanggo
nepangan ingkang ibu di puseur dayeuh. Ceuk ujaring carita. Rakit nu dianggo
kukus atawa malidkeun jasad tea nyangsang dina hiji karang. Kumargi kitu
karang-karang nu aya di Beulah kulon atawa nu dipake malidkeun tea dingaranan
Cilauteureun, sabab harita bet eureun rakitna kalawan teu kamamana. Sedengkeun
ngaran Cilauteureun oge masih dipake ti mimiti walungan terus ka ka muara, tug
nepi ka lautna dingaranan Cilauteureun. Tah di Cilauteureun ieu ngarupikeun
tempat panyangcangan kapal sareng balabuhna kapal pamayang.
Ti
mimiti dikantun ku Prabu Geusan Ulun, nagara Bones dipimpin ku Arbawisesa
kalawan pinuh katengtreman, gemah ripah loh jinawi. Kacarioskeun dina hiji
wengi Arbawisesa ngimpen yen makam ramana kakeueum ku cai Cimandalakasih. Ku
sabab eta Arbawisesa kagungan maksad kanggo ngalihkeun walungan Cimandalakasih
ku cara meungpeuk eta walungan. Nya ti wangkid harita Arbawisesa ngeprakeun
wadyabalad supaya nyukcruk walungan. Bring rombongan ngabring mapay-mapay
walungan Cimandalakasih terus ka hilir dugi ka palabuhan jalan Cikoneng ayeuna,
rombongan terus ngarandeg.
Pok
Arbawisesa sasauran.
“Didieu
yeuh siganamah nu pantes pikeun mengkolekun ieu walungang sabah tuh lebah Wetna
mah arahna hantar. Sok ayeuna geura cokot batu anu baradag, urang peungpeuk ieu
walungan teh!”.


Tah
ku ayana kajadian eta, wilayah kaum kaler dingaranan Batu Pameungpeuk, jeung
nagara Bones oge robah ngaran jadi Pameungpeuk, Sedengkeun cai wahangan nu
hasil dipengkolkeun dingaranan Cipalebuh. Ari wahangan nu asalna tepung jeung
wahangan Cimandalakasih dingaranan Cilauteureun.
Sumber : Buku Tatar Garut Historiografi - 2007
Sumber : Buku Tatar Garut Historiografi - 2007